"Panggeuing keur hate anu tibra sare
tawis kasono ka Indung
anu tos dipundut kunu Gaduhna"
Anakiiing, anak Mamah....
Mamah bakal uih ka lembur anu sabenerna,
lembur nu bedajeung lembur urang baheula.....
Mung Mamah Wasiat....
Anakiiing, anak incu Mamah.....
Mun isuk-pageto hidep sono , tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula,
omat tong angkaribung barang bawa, sabab geus lain Mamah nu baheula.... !
do'akeun wae Mamah ku aranjeun... ayeuna Mamah ngan butuh do'a ti aranjeun.....
Anakiiing, kamelang Mamah...!
Mun hidep nyaah ka Mamah....,
teu kudu bingung mulang tarima..., tapi cukup bejaan Mamah :
* yen hidep geus jadi jalma sholeh....,
* geus jadi hamba Alloh ahli ibadah.....
bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo ManteunNA
Anakiiing...,
Mun hidep nyaah ka Mamah...,
cekap bejaan Mamah... :
* yen hidep nyaah ka Mamah...,
* hidep teh kudu akur jeung dulur...,
* Runtut-raut sauyunan.....
* silih hargaan.....
* silih elingan....
* silih tulung silih bantu.....
* gogonjakan jiga baheula.....!
Anakiiing...,
pang bejakeun ka anak incu Mamah...,
yen Ema nyaah ka hidep....!
nyaah ku lucuna....,
nyaah ku belana....,
nyaah ku sumanget na....!
Bejakeun ka kulawarga hidep.....
Mamah geus nepi ka nu dituju....,
Mamah rek satia nungguan di dieu...,
di hareupeun panto surga....!
Anakiiing... anak-incu Mamah.....
Mamah hayang mere beja, nyambung beja anu baheula:
*** nu manfaat di dieu, di alam baka;
* geuning lain harta,
* lain tahta,
* lain pangkat,
* lain jabatan,
√ tapi wungkul amal soleh waktu di dunya, nu dibungkus iman jeung taqwa....!
Hidep Bakal ngarasakeun...
*karasa endahna solat jeung puasa,
*karasa endahna zakat,
*karasa endahna mikanyaah fakir-miskin,
*karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga..!
Anakiiing, anak-incu Mamah....,
Mamah nitip :
* poma ulah takabur, tapi kudu loba syukur...
* ulah sasar tapi kudu loba istigfar...,
* ulah salah tapi kudu loba ibadah....,
Anakiiing ....,
hampura Mamah...,
Mamah sono ka aranjeun kabeh...
meungpeung aya keneh di alam dunya:
poma ulah tinggaleun sholat...,
ngaji qur'an...,
ulah poho ka fakir miskin...,
Nulung kanu butuh...,
Nalang kanu susah....
Ulah poho, du'akeun Mamah tiap ba'da sholat...
Omat ulah poho perjuangkeun syariat islam satungtung maneh hirup....
Sakitu surat ti Mamah....
Hampura Mamah....
MANGGA DI SHARE, SUPADOS SEUEUR
NU EMUT KUMAHA NYAAH NA Indung KA URANG SADAYANA 😌😌😜😜






Komentar di sini
BalasHapus